Bareto, keur anyaran
ngumbara di wewengkon Kresek Tangerang – umur ge karek duapuluhtaunan - kuring kungsi diheureuyan ku urang dinya.
Harita sirah teh jangar. Geus diubaran ku obat warung teu cageur wae. Ka Astra
salah saurang kokolot ngabejaan. Cenah “ Nyeri sirah mah ubaran ku pais
tumbung, geura moal kusi lila ge cageur...” Pokna teu siga-siga.
“ Naon pais tumbung
teh... ? “ Kuring teu ngarti puguh karek ngadenge.
“ Ka si Kanah geura tanyakeun,
dewekna mah bogaeun, heg menta..” Jawab Ka Astra deui.
Kajurung ku hayang
cageur, kuring nanyakeun ka Teh Kanah. Ari teh Kanah teh nu boga imah tempat kuring kost. Umurna tilu
puluh taunan, karek boga budak hiji. Basa kuring nanya, inyana sajongjongan mah
kerung. Tapi tuluy seuri kawas kagugu.
“ Ari kitu si aka teh hayang pais tumbung..? “
Pokna
“ Enya keur ubar
sirah..” Jawab kuring daria
“ Heg wae ku kami dibere, ari hayang mah...”
“ Asa kumaha pais
tumbung teh, ngeunah ? “
“ Ngeunah pisan...
matak hayang deui...” Teh Kanah bari nyikikik nembalna teh.
“ Sok atuh, teu kuat sirah...” Ceuk kuring
“ His.., montong
ayeuna..., engke peuting ngarah jojong. Ari jojong mah ngeunah..” Teh Kanah angger
seuri.
Teu papanjangan, da
cenah kudu peuting. Geus kitu mah kuring gogolehean di enggon.
Isukna Teh Kanah
nyampeurkeun, kawas ngahaja ngaheureuyan. “ Majar hayang pais tumbung, naha
peuting didadago euweuh ? Pokna.
“ Kasarean.....” Jawab
kuring. “ Ayeuna we atuh bari sarapan ...geus asak ? ”
“ Asak mah asak, ngan
moal jojong wayah kieu mah... kudu engke peuting hayang ngeunah pisan mah...”
Ceuk Teh Kanah bari teu weleh seuri, malah bari gumeulis.
Ku kuring diobrolkeun
ka si Nurjen – batur ulin - soal Teh Kanah rek mere pais tumbung teh. Si Nurjen
nyakakak.
“ Hah..dia rek dibere pais tumbung ku Teh Kanah
? Atuh untung...kami ge hayang dibere
mah...” Cenah.
“ Ari kitu, naon pais
tumbung teh..?” Kuring jadi panasaran
Si Nurjen lalaunan ngajawabna
teh, bari ngaheheh. “ Tumbung teh bobogaanana
awewe, paranti kiih ...” Cenah.
Jadol
teh...paingan....
Ti harita, soal pais
tumbung teh sok jadi heuheureuyan. Teh Kanah angger pokna teh “ Lain hayang
pais tumbung...?” Cenah.
Ku kuring sok ditembalan
“ Ah si Teteh mah ngabibita wungkul...”
Teh Kanah nyikikik
gumeulis “ Engke peuting nya, ngarah jojong...” Jawabna angger kitu..*
Suling Silung
Tina pangalaman Mang Nanang
Nu Sanesna :
ANAK BAGONG HAYANG JADI ADIPATI
NGANJANG
DANGDUT DANG DANG DUUUT
TURUNAN KEN AROK
Nu Sanesna :
ANAK BAGONG HAYANG JADI ADIPATI
NGANJANG
DANGDUT DANG DANG DUUUT
TURUNAN KEN AROK
Tidak ada komentar:
Posting Komentar