Rabu, 06 April 2016

KEN AROK RAJA TUMAPEL



Dina sejarah urang aya pelaku sejarah ngaranna Ken Arok, nu ngadegkeun karajaan Tumapel taun 1222 di Jawa Timur. Dongeng ngeunaan Ken Arok cenah dumasar kana pararaton. Nyaeta carita buhun samodel pantun.
Ceuk dina carita, Ken Arok teh basa keur orokna kungsi dipiceun ku indungna ka astana. Kapanggih ku jalma tukang babadog. Tuluy dirawatan, pedah ngarasa aheng eta orok teh ngaluarkeun cahaya tina awakna. Ti leuleutik geus tembong watek gorengna. Pangpangna geus resep kana judi. Mangkat gede kalakuanana teu euih-euih. Nepi ka dewasana manehna jadi jalma buraong. Malah tungtungna mah katelah jadi tukang bobok, tukang tarok, tukang mukakeun anerok. Tur dipikagimir lantaran dianggap anak dewa.
Ku alpukahna brahmana ngaran Lohgawe, Ken Arok dititipkeun ka Tunggul Ametung sina babakti di Tumapel.  Ari Tunggul Ametung teh Akuwu Tumapel. Nyaeta nu kawasa di Tumapel, mun ayeuna mah Kepala Pemerintah Daerah kawasna. Sanggeus Ken Arok dihiap ku Tunggul Ametung, rep we tara aya riributan. Da puguh manehna ulon-ulonna.
Kocap Tunggul Ametung teh boga pamajikan anyar nu ngora keneh jeung geulis pisan,  ngaranna Ken Dedes. Meunang maling ti kolotna hiji Pandita Budha nu keur tatapa. Ken Dedes tangtu wae kacida didama-damana ku Tunggul Ametung. Kageulisanana jadi kacapangan di Tumapel. Nu kasebut lalaki pasti ngarasa bogoh, sok sanajan ukur semet kahayang jeung lalamunan.
Ken Arok mireungeuh bidadari nu sakitu mencrangna, bati neureuyan ciduh. Sarua manehna ge kawas lalaki sejen, resep, bogoh, ngan teu bisa majar kumaha. Iwal ti ngawawaas. Dina hiji poe waktu nyi putri lungsur tina kareta kancana samulih ti pelesiran, Ken Arok kapancenan mapag. Na atuh teu disangka-sangka, sinjang nu geulis nyingkab rada luhur, nepi ka oratna tembong. Teu sirikna ngagebur bakat ku endah,  kacirieun pisan ku Ken Arok.
Ti harita Ken Arok kapengpeongan, beurang peuting kagendam ku nu mencrang . Komo sanggeus dibejaan ku Lohgawe, yen eta teh ciri wanita nareswari. Nyaeta saha bae lalaki nu jadi salakina bakal jadi raja agung. Ken Arok beuki komo nyosok jero. Nya timbul niat gorengna rek ngarebut Ken Dedes ti salakina. Kajurung ku niat eta manehna pesen keris ka Mpu Gandring keur mateni Tunggul Ametung.
Ceuk ujaring carita, ku keris jieunan Mpu Gandring nu can anggeus, Ken Arok maehan Tunggul Ametung waktu keur sare jeung Ken Dedes. Lebah dieu timbul rupa-rupa sangkaan. Diantarana aya nu boga pikiran : boa Ken Dedes sailon jeung Ken Arok...Tapi nu puguh, Ken Arok tinekanan ngapimilik Ken Dedes jadi pamajikanana. Duka tah naha nu geulis leah ditikah atawa kapaksa.
Ken Arok tuluy ngangkat maneh jadi Akuwu Tumapel, ngaganti Tunggul Ametung. Euweuh nu wani ngahalangan puguh pada galimir. Sanggeus ajeg jadi Akuwu, Ken Arok nyerang ka karajaan Daha. Diparengkeunana teh perangna unggul, karajaan Daha taluk ka Tumapel. Teu kapalang, Ken Arok tuluy ngadegkeun karajaan Tumapel, sakalian  jadi raja. Jujulukna Sri Ranggah Rajasa Sang Amurwabhumi.
Lima taun jadi raja, pamustunganana Ken Arok tiwas ditubles ku jalma titahan Anusapati.  Ari Anusapati teh Anak Ken Dedes ti Tunggul Ametung. Jadi anak tere keur Ken Arok mah. Anusapati nyahoeun yen nu nelasan bapana teh Ken Arok, dibejaan ku Ken Dedes. Cenah pakarang nu dipake nublesna ge keris  jieunan Mpu Gandring nu dipake nelasan Tunggul Ametung. Ieu teh buah tina supata Mpu Gandring samemeh tiwas, waktu eta Mpu teh ditubles ku Ken Arok make keris eta.
Ti Ken Dedes, Ken Arok boga anak opat. Tinu ngora Ken Umang sarua opat. Jaga rerehan Ken Arok jeung Ken Dedes maranggung dina sejarah raja-raja Jawa. Kaasup Majapait nu kungsi ngawasa kapuloan Nusantara...*

Suling Silung
  




  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar