Jumat, 29 Juli 2016

KEMBANG ROS UNGU



Can kungsi tepung jeung jinisna mah. Tapi ari ngobrol mah geus mindeng dina face book. Ngobrol jeung inyana asa ngobrol jeung nu geus loma. Padahal can lila wawuh teh. Basa Sundana alus. Kacipta teh dina kieuna someah jeung galecok. Da eta we ngobrol dina facebook teh ujug-ujug nyambung jeung wanoh. 

Tina obrolan kateuleuman, inyana teh ibu guru, ngajar di salah sahiji SD di Klungkung Bali. Umurna kira-kirana opatpuluhan. Geus rumah tangga, boga anak jeung salaki. Ceuk pangakuanana, mukim di Bali ti taun 1991. Puguh aslina mah ti Cigalontang Tasik. Bubuara di Klungkung  asalna nuturkeun salaki.  Tuluy dibenum jadi guru PNS, da boga ijazah SPG jeung PGSD. Nepi ka kiwari geus dua puluh lima taun meureun  ngumbara jeung boga KTP Bali teh.

Nilik tina fotona, eta ibu guru teh kaasup basajan. Ngaranna Tuti Herlinawati. Dikurudung jeung make kacamata. Naon istimewana ? Aya nu matak kataji . Pan inyana teh geus lila ngumbara di Bali. Urang apal, ari Bali teh boga  ciri mandiri nu kuat, boh dina budaya boh dina agama. Tah, Tuti mah panceg dina kasundaanana. Geus puguh soal aqidah mah, tetep pageuh dina kaislamanana.

Dina soal basa, Tuti angger make basa Sunda di lingkungan kulawarga mah. Utamana cenah ngarah barudakna bisa basa Sunda. Sok komo keur aya di lembur deungeun nu ngabogaan basa sorangan. Ieu alus pisan. Pan di tatar Sunda mah teu saeutik kulawarga Sunda nu  basa ibu ( basa sapopoe  di imah )  lain basa Sunda, tapi basa Indonesia. Ceuk Tuti, basa Sunda mah kudu dipraktekeun di imah, da lamun teu diimah di mana ? Basa Indonesia onaman  bisa kapanggih dina pergaulan sapopoe...

“ Pangpangna mah pun biang sareng sepuh di lembur seueur nu teu tiasa basa Indonesia, janten upami uih ka lembur supados pun anak tiasa komunikasi sareng nini akina...” Ceuk Tuti.
Ditanya soal naha bisa betah di lembur deungeun nu kasang tukangna beda jeung di lembur sorangan, Tuti nandeskeun, utamana mah lantaran saling toleransi, cenah.

“ Betah di Bali teh ? “
“ Betah... Mung  sakali-kali mah sok rajeun tibelat ka lembur...” Walon ieu ibu guru teh.
Tuti Herlinawati nu dina facebookna make gambar  kembang ros ungu duka nepi ka iraha ngumbara di Bali. Diduakeun teh sing betah bari tetep panceg dina kasundaanana. Utamana mulasara Basa Sunda, sangkan langgeng ayana.... Cag. *


Minggu, 24 April 2016

ANAK BAGONG HAYANG JADI ADIPATI



Pamilihan Adipati di Leuweung Ganggong geus deukeut kana waktuna. Sasatoan nu boga karep jeneng geus tatan-tatan. Aya nu tatahar piwaragadeunana, ayana nu geus mepek balad ngumpulkeun bobotoh. Aya oge nu geus nguar-nguar nyalonkeun maneh. 

Kocap anak bagong ngurihit ka kolotna hayang miluan. Mimitina teu didenge da geus sabaraha kali pamilihan ti golongan bagong mah can aya nu kabiruyungan. Tapi eta anak bagong teh ngeukeuhan, abong budak ngora can asak jeujeuhan. Bakat ku dikeukeuhan, nya ahirna kolotna nyaluyuan. Kabeneran deui ku Ketum ( ketua umum ) Partey Bagong dirojong.
“ Kade sia kudu toh-tohan ulah sakadar hayang wungkul…” Ceuk bapana ngawawadian.
“ Heueuh bah....” Walon anak bagong atoh.
Anak bagong sumanget pisan. Teu ngaengkekeun deui langsung nyieun Tim Sukses. Salian ti bangsa bagong, diajak oge sato lianna kayaning peucang, monyet, badak, bayawak, jeung tonggeret. Peucang diajak lantaran geus kawentar pinter nyieun reka perdaya ( kitu ceuk dina dongeng buhun ge ). Ari monyet pedah lucu jeung licik. Sedeng badak jeung bayawak, eta mah purah ngabebegigan pedah kaitung kuat awakna. Tonggeret bagian disada ngawawar-wawar ka pangeusi leuweung.
“ Ari penyandang dana saha…? “ Ceuk peucang.
“ Eta mah dulur aing di kota, si babi…” Jawab anak bagong.
Peucang gasik nyieun strategi pemenangan. Ceuk peucang : kahiji, sasatoan di Leuweung Ganggong teh kudu diolo ku kadaharan. Kadua, kudu dibibita ku jangji nu matak uruy.  Katilu, kudu aya tukang kepruk keur nyingsieunan nu teu saihwan. Carana kumpulkeun sato ngora nu masih belekesenteng, tuluy bajuan ku saragam anu gagah ngarah maranehna asa jadi jagoan. Tah maranehna eta nu dijadikeun tukang kepruk.
“ Aya keneh euy, Cang….” Ceuk monyet.
“Naon…?”
“ Kudu aya pencitraan . Si bagong kudu disebutkeun jujur, bersih,  amanah, anti korupsi, nyaah ka rayat, adil, wijaksana, agamis, lemah lembut, tukang bebela, jeung rupa-rupa sipat nu harade lainna…”
“Is atuh geus puguh eta mah…” Peucang embung kaluhuran.
Tonggeret milu nimbrung, pokna : “ Sarupa deui euy kade ulah poho, si bagong kudu robah penampilanana ulah sangar kawas itu…”
“ Robah kumaha…?”
“ Heueuh kudu bear budi, daek sura-seuri, marahmay ngarah batur resepeun….” Tongeret ngeceskeun.
Nu sejen sareuri, enya kapikireun bagong teh euweuh pikaresepeunana. Sungut monyong, sihung nyulagrang, bulu jocong, ceuli rancung, cungur ngacay. Ari kabisa ngan sesegrok jeung ungas-ingus.
“ Jadi kudu kumaha atuh uing teh …?” Ceuk bagong ngarumasakeun maneh.
“ Heueuh atuh sok diajar seuri, ulah kereng wae kitu…” Tempas monyet.


Bagong  nyengir,  seuri ti dituna mah. Orokaya jadi tambah pikasieuneun. Huntu ranggeteng, sihung beuki nyulagrang, sungut ngacay pikageuleuheun. Tim suksesna nyeungseurikeun.
“ Kudu bari ngabojeg atuh Gong…” Ceuk monyet bari nyerengeh. Tuluy manehna rarampayakan kawas dina topeng monyet. “ Sok diajar kieu yeuh,…basa keur di dayeuh ge uing meunang duit kikieuan teh…” Pokna deui.
 Bagong nurutan. Ngan edas kalah ka ngageubig-geubig awak, puguh bororaah bisa ugal-igel kawas monyet, pan awak bagong mah jagreg, teu bisa ngalieuk-lieuk acan. Tim suksesna beuki angot nyeungseurikeun.
 “ Heueuh enggeus we lah, nu penting mah sing loba uwar-awurna…” Ceuk peucang bari seuri./
Dina derna kampanyeu, tim sukses bagong teu wudu toh-tohan. Lain wae wani uwar-awur pangolo, tapi oge wani jeung ributna. Pan aya badak jeung bayawak tea. Lawanna kawilang loba, antarana maung, singa, ajag, banteng, gajah, jeung rea-rea deui. Mireungeuh lawan-lawanna sato kuat wungkul monyet hariwang.
“ Kaya kieu mah kudu aya serangan pajar euy…” Cenah pokna.
“ Teu masalah, nu penting meunang …” Tempas peucang.
“ Heueuh..” Ceuk bagong. “Modal-modal kitu bisa balik deui geus puguh meunang mah..”
Rame oge pamilihan adipati di Leuweung Ganggong teh. Make aya nu garelut sagala, jeung silih gorengkeun. Hasil pamilihan nu meunang teh ajag. Majar teh cenah calon sejenna ngelehan , malah sakongkol nyieun koalisi. Sihoreng ajag mah leuwih rohaka jeung leuwih ti heula tataharna. Mokaha oge cenah modalna rokaha pisan.
Anak bagong panas tiris barang nyaho manehna eleh.  Ras ka indung- bapana nu geus bebeakan keur ngamodalan. Ras deui kana hutang nu ngabadeg ka unggal sato.  Geus puguh era jeung  wirangna mah. Tungtungna manehna langlang lingling, stress ! Nepi ka jadi kacapangan di sa-Leuweung Ganggong, disarebut bagong lieur….. *

Sabtu, 09 April 2016

PAIS TUMBUNG


Bareto, keur anyaran ngumbara di wewengkon Kresek Tangerang – umur ge karek duapuluhtaunan - kuring kungsi diheureuyan ku urang dinya. Harita sirah teh jangar. Geus diubaran ku obat warung teu cageur wae. Ka Astra salah saurang kokolot ngabejaan. Cenah “ Nyeri sirah mah ubaran ku pais tumbung, geura moal kusi lila ge cageur...” Pokna teu siga-siga.
“ Naon pais tumbung teh... ? “ Kuring teu ngarti puguh karek ngadenge.
“ Ka si Kanah geura tanyakeun, dewekna mah bogaeun, heg menta..” Jawab Ka Astra deui.

Kajurung ku hayang cageur, kuring nanyakeun ka Teh Kanah. Ari teh Kanah teh  nu boga imah tempat kuring kost. Umurna tilu puluh taunan, karek boga budak hiji. Basa kuring nanya, inyana sajongjongan mah kerung. Tapi tuluy seuri kawas kagugu.
“ Ari kitu si aka teh hayang pais tumbung..? “ Pokna
“ Enya keur ubar sirah..” Jawab kuring daria
“ Heg wae ku kami dibere, ari hayang mah...”
“ Asa kumaha pais tumbung teh, ngeunah ? “
“ Ngeunah pisan... matak hayang deui...” Teh Kanah bari nyikikik nembalna teh.
“ Sok atuh,  teu kuat sirah...” Ceuk kuring
“ His.., montong ayeuna..., engke peuting ngarah jojong. Ari jojong mah ngeunah..” Teh Kanah angger seuri.
Teu papanjangan, da cenah kudu peuting. Geus kitu mah kuring gogolehean di enggon.
Isukna Teh Kanah nyampeurkeun, kawas ngahaja ngaheureuyan. “ Majar hayang pais tumbung, naha peuting didadago euweuh ? Pokna.
“ Kasarean.....” Jawab kuring. “ Ayeuna we atuh bari sarapan ...geus asak ? ”
“ Asak mah asak, ngan moal jojong wayah kieu mah... kudu engke peuting hayang ngeunah pisan mah...” Ceuk Teh Kanah bari teu weleh seuri, malah bari gumeulis.
Ku kuring diobrolkeun ka si Nurjen – batur ulin - soal Teh Kanah rek mere pais tumbung teh. Si Nurjen nyakakak.
“ Hah..dia rek dibere pais tumbung ku Teh Kanah ? Atuh untung...kami ge hayang dibere mah...” Cenah.
“ Ari kitu, naon pais tumbung teh..?” Kuring jadi panasaran
Si Nurjen lalaunan ngajawabna teh, bari ngaheheh. “ Tumbung teh bobogaanana awewe, paranti kiih ...” Cenah.
Jadol teh...paingan....
Ti harita, soal pais tumbung teh sok jadi heuheureuyan. Teh Kanah angger pokna teh “ Lain hayang pais tumbung...?” Cenah.
Ku kuring sok ditembalan “ Ah si Teteh mah ngabibita wungkul...”
Teh Kanah nyikikik gumeulis “ Engke peuting nya, ngarah jojong...” Jawabna angger kitu..*

Suling Silung

Rabu, 06 April 2016

KEN AROK RAJA TUMAPEL



Dina sejarah urang aya pelaku sejarah ngaranna Ken Arok, nu ngadegkeun karajaan Tumapel taun 1222 di Jawa Timur. Dongeng ngeunaan Ken Arok cenah dumasar kana pararaton. Nyaeta carita buhun samodel pantun.
Ceuk dina carita, Ken Arok teh basa keur orokna kungsi dipiceun ku indungna ka astana. Kapanggih ku jalma tukang babadog. Tuluy dirawatan, pedah ngarasa aheng eta orok teh ngaluarkeun cahaya tina awakna. Ti leuleutik geus tembong watek gorengna. Pangpangna geus resep kana judi. Mangkat gede kalakuanana teu euih-euih. Nepi ka dewasana manehna jadi jalma buraong. Malah tungtungna mah katelah jadi tukang bobok, tukang tarok, tukang mukakeun anerok. Tur dipikagimir lantaran dianggap anak dewa.
Ku alpukahna brahmana ngaran Lohgawe, Ken Arok dititipkeun ka Tunggul Ametung sina babakti di Tumapel.  Ari Tunggul Ametung teh Akuwu Tumapel. Nyaeta nu kawasa di Tumapel, mun ayeuna mah Kepala Pemerintah Daerah kawasna. Sanggeus Ken Arok dihiap ku Tunggul Ametung, rep we tara aya riributan. Da puguh manehna ulon-ulonna.
Kocap Tunggul Ametung teh boga pamajikan anyar nu ngora keneh jeung geulis pisan,  ngaranna Ken Dedes. Meunang maling ti kolotna hiji Pandita Budha nu keur tatapa. Ken Dedes tangtu wae kacida didama-damana ku Tunggul Ametung. Kageulisanana jadi kacapangan di Tumapel. Nu kasebut lalaki pasti ngarasa bogoh, sok sanajan ukur semet kahayang jeung lalamunan.
Ken Arok mireungeuh bidadari nu sakitu mencrangna, bati neureuyan ciduh. Sarua manehna ge kawas lalaki sejen, resep, bogoh, ngan teu bisa majar kumaha. Iwal ti ngawawaas. Dina hiji poe waktu nyi putri lungsur tina kareta kancana samulih ti pelesiran, Ken Arok kapancenan mapag. Na atuh teu disangka-sangka, sinjang nu geulis nyingkab rada luhur, nepi ka oratna tembong. Teu sirikna ngagebur bakat ku endah,  kacirieun pisan ku Ken Arok.
Ti harita Ken Arok kapengpeongan, beurang peuting kagendam ku nu mencrang . Komo sanggeus dibejaan ku Lohgawe, yen eta teh ciri wanita nareswari. Nyaeta saha bae lalaki nu jadi salakina bakal jadi raja agung. Ken Arok beuki komo nyosok jero. Nya timbul niat gorengna rek ngarebut Ken Dedes ti salakina. Kajurung ku niat eta manehna pesen keris ka Mpu Gandring keur mateni Tunggul Ametung.
Ceuk ujaring carita, ku keris jieunan Mpu Gandring nu can anggeus, Ken Arok maehan Tunggul Ametung waktu keur sare jeung Ken Dedes. Lebah dieu timbul rupa-rupa sangkaan. Diantarana aya nu boga pikiran : boa Ken Dedes sailon jeung Ken Arok...Tapi nu puguh, Ken Arok tinekanan ngapimilik Ken Dedes jadi pamajikanana. Duka tah naha nu geulis leah ditikah atawa kapaksa.
Ken Arok tuluy ngangkat maneh jadi Akuwu Tumapel, ngaganti Tunggul Ametung. Euweuh nu wani ngahalangan puguh pada galimir. Sanggeus ajeg jadi Akuwu, Ken Arok nyerang ka karajaan Daha. Diparengkeunana teh perangna unggul, karajaan Daha taluk ka Tumapel. Teu kapalang, Ken Arok tuluy ngadegkeun karajaan Tumapel, sakalian  jadi raja. Jujulukna Sri Ranggah Rajasa Sang Amurwabhumi.
Lima taun jadi raja, pamustunganana Ken Arok tiwas ditubles ku jalma titahan Anusapati.  Ari Anusapati teh Anak Ken Dedes ti Tunggul Ametung. Jadi anak tere keur Ken Arok mah. Anusapati nyahoeun yen nu nelasan bapana teh Ken Arok, dibejaan ku Ken Dedes. Cenah pakarang nu dipake nublesna ge keris  jieunan Mpu Gandring nu dipake nelasan Tunggul Ametung. Ieu teh buah tina supata Mpu Gandring samemeh tiwas, waktu eta Mpu teh ditubles ku Ken Arok make keris eta.
Ti Ken Dedes, Ken Arok boga anak opat. Tinu ngora Ken Umang sarua opat. Jaga rerehan Ken Arok jeung Ken Dedes maranggung dina sejarah raja-raja Jawa. Kaasup Majapait nu kungsi ngawasa kapuloan Nusantara...*

Suling Silung