Umur 15 taun geus jadi ungkluk - atawa PSK mun ayeuna mah - kitu ceuk
dina TV. Dilenyepan, tangtu ieu teh jero-jerona mah lain kajurung ku napsu
sahwat, tapi ukur kapaksa. Bisa jadi lantaran bakat ku butuh keur ngabelaan
beuteung.
Nyiar kipayah jaman kiwari kawilang hese. Boh dugung-dagang, boh
buburuh. Komo mun bari teu boga kabisa atawa kaahlian mah. Ninggang di awewe
boga banda nu bisa dijual, nyaeta ‘palawangan’
nu sabenerna mah kudu didama-dama. Nya meureun bakat ku kapaksa mah wayahna
dijual, da loba ieuh lalaki nu daek meuli. Komo mun eta awewe teh bari alus
rupa. prostitusi online ‘. Kalolobaan
jadi ungkluk kasang tukangna masalah ekonomi. Maranehna oge sadar yen eta teh
pagawean hina bari gede pisan risikona. Upamana katarajang virus HIP, atawa
bareto mah sohor aya panyakit rajasinga nu balukarna ngaruksak kana awak.Jadi ungkluk tangtu lain cita-cita. Memang aya oge nu niat ngadagangkeun awak lantaran ngarasa geulis jeung populer tur hargana bisa puluhan juta sakali ngagoler. Upamana nu dilakukeun ku selebriti dina ‘
Lian ti hina jeung gede risiko, ungkluk teh sasatna teu boga harga
diri dina keur ngalayanan lalaki mah. Kaharti, pan manehna teh geus dibeuli. Jadi
rek suka rek henteu wayahna kudu nurut kana kahayang nu meuli. Sanajan aya rasa
ijid jeung geuleuh ge.
Sacara kamanusaan ungkluk teh kudu dipikarunya. Memang tina jihat
susila manehna teh goreng. Tapi boa aya keneh sisi hadena. Upamana, kitu soteh
lantaran ngabelaan kolot atawa anak. Lebah dieu mung Mantenna nu uninga. Urang mah sakadar ningali ku panon lahir...*
Suling Silung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar