Jumat, 29 Juli 2016

KEMBANG ROS UNGU



Can kungsi tepung jeung jinisna mah. Tapi ari ngobrol mah geus mindeng dina face book. Ngobrol jeung inyana asa ngobrol jeung nu geus loma. Padahal can lila wawuh teh. Basa Sundana alus. Kacipta teh dina kieuna someah jeung galecok. Da eta we ngobrol dina facebook teh ujug-ujug nyambung jeung wanoh. 

Tina obrolan kateuleuman, inyana teh ibu guru, ngajar di salah sahiji SD di Klungkung Bali. Umurna kira-kirana opatpuluhan. Geus rumah tangga, boga anak jeung salaki. Ceuk pangakuanana, mukim di Bali ti taun 1991. Puguh aslina mah ti Cigalontang Tasik. Bubuara di Klungkung  asalna nuturkeun salaki.  Tuluy dibenum jadi guru PNS, da boga ijazah SPG jeung PGSD. Nepi ka kiwari geus dua puluh lima taun meureun  ngumbara jeung boga KTP Bali teh.

Nilik tina fotona, eta ibu guru teh kaasup basajan. Ngaranna Tuti Herlinawati. Dikurudung jeung make kacamata. Naon istimewana ? Aya nu matak kataji . Pan inyana teh geus lila ngumbara di Bali. Urang apal, ari Bali teh boga  ciri mandiri nu kuat, boh dina budaya boh dina agama. Tah, Tuti mah panceg dina kasundaanana. Geus puguh soal aqidah mah, tetep pageuh dina kaislamanana.

Dina soal basa, Tuti angger make basa Sunda di lingkungan kulawarga mah. Utamana cenah ngarah barudakna bisa basa Sunda. Sok komo keur aya di lembur deungeun nu ngabogaan basa sorangan. Ieu alus pisan. Pan di tatar Sunda mah teu saeutik kulawarga Sunda nu  basa ibu ( basa sapopoe  di imah )  lain basa Sunda, tapi basa Indonesia. Ceuk Tuti, basa Sunda mah kudu dipraktekeun di imah, da lamun teu diimah di mana ? Basa Indonesia onaman  bisa kapanggih dina pergaulan sapopoe...

“ Pangpangna mah pun biang sareng sepuh di lembur seueur nu teu tiasa basa Indonesia, janten upami uih ka lembur supados pun anak tiasa komunikasi sareng nini akina...” Ceuk Tuti.
Ditanya soal naha bisa betah di lembur deungeun nu kasang tukangna beda jeung di lembur sorangan, Tuti nandeskeun, utamana mah lantaran saling toleransi, cenah.

“ Betah di Bali teh ? “
“ Betah... Mung  sakali-kali mah sok rajeun tibelat ka lembur...” Walon ieu ibu guru teh.
Tuti Herlinawati nu dina facebookna make gambar  kembang ros ungu duka nepi ka iraha ngumbara di Bali. Diduakeun teh sing betah bari tetep panceg dina kasundaanana. Utamana mulasara Basa Sunda, sangkan langgeng ayana.... Cag. *