Pamilihan Adipati di
Leuweung Ganggong geus deukeut kana waktuna. Sasatoan nu boga karep jeneng geus
tatan-tatan. Aya nu tatahar piwaragadeunana, ayana nu geus mepek balad
ngumpulkeun bobotoh. Aya oge nu geus nguar-nguar nyalonkeun maneh.

“ Kade sia kudu
toh-tohan ulah sakadar hayang wungkul…” Ceuk bapana ngawawadian.
“ Heueuh bah....”
Walon anak bagong atoh.
Anak bagong sumanget
pisan. Teu ngaengkekeun deui langsung nyieun Tim Sukses. Salian ti
bangsa bagong, diajak oge sato lianna kayaning peucang, monyet, badak, bayawak,
jeung tonggeret. Peucang diajak lantaran geus kawentar pinter nyieun reka
perdaya ( kitu ceuk dina dongeng buhun ge ). Ari monyet pedah lucu jeung licik.
Sedeng badak jeung bayawak, eta mah purah ngabebegigan pedah kaitung kuat
awakna. Tonggeret bagian disada ngawawar-wawar ka pangeusi leuweung.
“ Ari penyandang
dana saha…? “ Ceuk peucang.
“ Eta mah dulur aing
di kota, si babi…” Jawab anak bagong.
Peucang gasik nyieun strategi
pemenangan. Ceuk peucang : kahiji, sasatoan di Leuweung Ganggong teh
kudu diolo ku kadaharan. Kadua, kudu dibibita ku jangji nu matak uruy. Katilu, kudu aya tukang kepruk keur
nyingsieunan nu teu saihwan. Carana kumpulkeun sato ngora nu masih
belekesenteng, tuluy bajuan ku saragam anu gagah ngarah maranehna asa jadi
jagoan. Tah maranehna eta nu dijadikeun tukang kepruk.
“ Aya keneh euy,
Cang….” Ceuk monyet.
“Naon…?”
“ Kudu aya pencitraan
. Si bagong kudu disebutkeun jujur, bersih,
amanah, anti korupsi, nyaah ka rayat, adil, wijaksana, agamis, lemah
lembut, tukang bebela, jeung rupa-rupa sipat nu harade lainna…”
“Is atuh geus puguh
eta mah…” Peucang embung kaluhuran.
Tonggeret milu
nimbrung, pokna : “ Sarupa deui euy kade ulah poho, si bagong kudu robah penampilanana
ulah sangar kawas itu…”
“ Robah kumaha…?”
“ Heueuh kudu bear
budi, daek sura-seuri, marahmay ngarah batur resepeun….” Tongeret ngeceskeun.
Nu sejen sareuri, enya
kapikireun bagong teh euweuh pikaresepeunana. Sungut monyong, sihung
nyulagrang, bulu jocong, ceuli rancung, cungur ngacay. Ari kabisa ngan sesegrok
jeung ungas-ingus.
“ Jadi kudu kumaha
atuh uing teh …?” Ceuk bagong ngarumasakeun maneh.
“ Heueuh atuh sok
diajar seuri, ulah kereng wae kitu…” Tempas monyet.
Bagong nyengir,
seuri ti dituna mah. Orokaya jadi tambah pikasieuneun. Huntu ranggeteng,
sihung beuki nyulagrang, sungut ngacay pikageuleuheun. Tim suksesna
nyeungseurikeun.
“ Kudu bari ngabojeg
atuh Gong…” Ceuk monyet bari nyerengeh. Tuluy manehna rarampayakan kawas dina
topeng monyet. “ Sok diajar kieu yeuh,…basa keur di dayeuh ge uing meunang duit
kikieuan teh…” Pokna deui.
Bagong nurutan. Ngan edas kalah ka
ngageubig-geubig awak, puguh bororaah bisa ugal-igel kawas monyet, pan awak
bagong mah jagreg, teu bisa ngalieuk-lieuk acan. Tim suksesna beuki angot
nyeungseurikeun.
“ Heueuh enggeus we lah, nu penting mah sing
loba uwar-awurna…” Ceuk peucang bari seuri./
Dina derna kampanyeu,
tim sukses bagong teu wudu toh-tohan. Lain wae wani uwar-awur pangolo, tapi oge
wani jeung ributna. Pan aya badak jeung bayawak tea. Lawanna kawilang loba,
antarana maung, singa, ajag, banteng, gajah, jeung rea-rea deui. Mireungeuh
lawan-lawanna sato kuat wungkul monyet hariwang.
“ Kaya kieu mah kudu
aya serangan pajar euy…” Cenah pokna.
“ Teu masalah, nu
penting meunang …” Tempas peucang.
“ Heueuh..” Ceuk
bagong. “Modal-modal kitu bisa balik deui geus puguh meunang mah..”
Rame oge pamilihan
adipati di Leuweung Ganggong teh. Make aya nu garelut sagala, jeung silih
gorengkeun. Hasil pamilihan nu meunang teh ajag. Majar teh cenah calon sejenna
ngelehan , malah sakongkol nyieun koalisi. Sihoreng ajag mah leuwih
rohaka jeung leuwih ti heula tataharna. Mokaha oge cenah modalna rokaha pisan.
Anak bagong panas
tiris barang nyaho manehna eleh. Ras ka
indung- bapana nu geus bebeakan keur ngamodalan. Ras deui kana hutang nu
ngabadeg ka unggal sato. Geus puguh era
jeung wirangna mah. Tungtungna manehna
langlang lingling, stress ! Nepi ka jadi kacapangan di sa-Leuweung Ganggong,
disarebut bagong lieur….. *