Kamis, 31 Maret 2016

DANGDUT DANG DANG DUUUT...



Ti saprak dipidangkeun dina televisi, musik dangdut nerekab. Lain bae di di pakotaan tapi oge di ka kampung-kampung. Kawantu televisi teh kiwari geus asup ka pilemburan. Bareto nepi ka awal taun tujuhpuluhan, musik dangdut saeutik keneh nu mikaresepna. Harita nu keur mahabu teh musik pop. Musik dangdut sasat teu dilieuk ku panon sabeulah. Malah nu kacida teu resepeunana mah nyebutna ge musik kampungan.
Kecap ‘dangdut’ meunang nyokot tina ‘dang-dang dut’. Eta teh wirahma sora kendang nu kadengena : dang-dang duuut... dang-dang duuut ...Nu nepi ka kiwari ngarupakeun ciri mandiri musik dangdut. Samemeh populer ku sebutan dangdut, eta musik teh disebut orkes melayu. Sabenerna geus aya ti bareto, ngan teu loba nu mikaresepna. Duka mun pedah saeutik media nu nga-populer-keunana.
Nilik wanda musikna, orkes melayu nu ayeuna disebut dangdut tea atra pisan kapangaruhan ku musik India. Bisa kaharti, lantaran harita – taun geneppuluhan - budaya India sasat keur dipigandrung ku masarakat urang. Salah sahiji contona, ceuyahna film-film India di bioskop-bioskop. Ari dina film India, nyanyi jeung tari teh ngarupakeun ciri.  Tah wanda musikna teh ngagedekeun sora kendang jeung bangsing. Nyaeta nu kadengena dang-dang dut tea.
Kiwari musik dangdut geus mahabu di mana-mana. Dina televisi saban poe tara suwung tina tayangan dangdut. Di nu kariaan lolobana nanggap dangdut. Supir-supir angkot geus umum  nyeretel lagu dangdut. Kitu deui di imah-imah. Naon istimewana dangdut ? Cenah mah gampang ditarimana ! Watekna jigrah mawa gumbira, rek laguna senang rek laguna sedih ge.
Ngadenge musik dangdut perbawana hayang reureundeukan. Paling copel sirah unggut-unggutan. Kawasna ieu salah sahiji daya tarik dangdut. Nu nyanyi dangdut kawas teu apdol mun teu bari teu gutak-gitek. Komo mun nu bener-bener artis dangdutna mah. Utamana biduanita, salian ti centil teh dangdananana kadang-kadang menor. Malah teu euweuheun nu kaleuleuwihi, jalingkak jeung ngumbar orat.
Musik teh ibarat kadaharan. Teu kabeh jelema resep kana hiji kadaharan. Kana dangdut ge kitu. Nu resep kana dangdut sok kawas poho dinanaon. Ana geus joged teh anteng ting gareol sacetana-sacetana. Beda jeung nu teu resep, majar teh asa rehe. Memang suasana dangdut jauh mela-melu tina suasana tenang atawa kalem. Nu geus resep kana musik kroncong atawa cianjuran, kawasna bakal ngarasa bangreung mun ngadenge musik dangdut.
Kiwari dangdut geus ngabudaya di masyarakat. Penyanyi dangdut renung ibarat suung kahujanan. Boh nu di panggung hajatan keneh, boh nu geus midang na televisi. Kitu deui selebriti ti kalangan artis dangdut. Geus loba nu ngaranna sohor, naha sohor ku alus nyanyina, atawa  sohor ku paripolahna. Kangaranan selebriti teu aneh jeung kaharti mun kalakuanana  loba oge nu kaleuleuwihi, malah adigung. Bisa jadi lantaran ngarasa geus sohor jeung boga martabat. Ngaranna ge jelema....*



Jumat, 25 Maret 2016

BUDAK-BUDAK GEUS JAJALUK



Saliwatan tara jadi perhatian, tapi ana dipikir bet matak ngenes. Sok sawang, budak umur 4-7 taun jajaluk bari caludih. Aya nu di sisi jalan, aya nu dina angkot. Mun bareto nu kitu teh ukur di kota, ayeuna mah di pasisian ge aya. Malah nu ised gede ti dinya mah, nyeta-nyeta nurutan barudak gede. Jajalukna teh bari ngomong sakacumplang-sakacampling. Sakapeung matak teu pikangeunaheun kadengena.
Sihoreng cenah eta teh aya nu ngucuhkeun. Aya kolotna, aya jelema nu memang nyiar kipayah ku jalan kitu. Tangtu wae maranehna teh jalma-jalma nu teu boga rasa tanggung jawab kana atikan barudak. Teu mikirkeun nasib budak teh jaga kumaha,

Ceuk dina ‘media’, panghasilan jelema nu ngucuhkeun barudak sina jajaluk teh, lumayan oge. Dina sapoe  bisa 200 rebu ti hiji budak. Paingan budak jajaluk beuki ngalobaan. Ari barudak nu dijadikeun tukang jajaluk teh rupa-rupa. Aya barudak ‘kapakan’ nu memang sapopoena di jalan bari  teu puguh di mana indung-bapana. Aya oge nu meunang ngolo-ngolo atawa nyewa ti kolotna. Dina emproanana geuning ka orok-orok disewa dipake modal jajaluk...
Kawasna ieu teh balukar tina kamiskinan. Miskin harta miskin harti, atawa nya sangsara nya bodo. Meureun mun masyarakat urang sugih mukti bari ‘bareunta’ mah moal aya kajadian kieu teh. Barudak lir ibarat sirung. Nya maranehna jaga nu bakal ngalalakon dina kahirupan teh. Mun ti leuleutik geus diwarah sina jajaluk, rek kumaha jagana ? Nu matak barudak teh kudu diatik sina jadi jalma nu siap tandang makalangan. Ieu pancen sarerea, kaasup para pamingpin ....*
 
Suling Silung 


UNGKLUK



Umur 15 taun geus jadi ungkluk - atawa PSK mun ayeuna mah - kitu ceuk dina TV. Dilenyepan, tangtu ieu teh jero-jerona mah lain kajurung ku napsu sahwat, tapi ukur kapaksa. Bisa jadi lantaran bakat ku butuh keur ngabelaan beuteung.
 
Nyiar kipayah jaman kiwari kawilang hese. Boh dugung-dagang, boh buburuh. Komo mun bari teu boga kabisa atawa kaahlian mah. Ninggang di awewe boga banda nu bisa dijual, nyaeta ‘palawangan nu sabenerna mah kudu didama-dama. Nya meureun bakat ku kapaksa mah wayahna dijual, da loba ieuh lalaki nu daek meuli. Komo mun eta awewe teh bari alus rupa. prostitusi online ‘.  Kalolobaan jadi ungkluk kasang tukangna masalah ekonomi. Maranehna oge sadar yen eta teh pagawean hina bari gede pisan risikona. Upamana katarajang virus HIP, atawa bareto mah sohor aya panyakit rajasinga nu balukarna ngaruksak kana awak.
Jadi ungkluk tangtu lain cita-cita. Memang aya oge nu niat ngadagangkeun awak lantaran ngarasa geulis jeung populer tur hargana bisa puluhan juta sakali ngagoler. Upamana nu dilakukeun ku selebriti dina ‘
Lian ti hina jeung gede risiko, ungkluk teh sasatna teu boga harga diri dina keur ngalayanan lalaki mah. Kaharti, pan manehna teh geus dibeuli. Jadi rek suka rek henteu wayahna kudu nurut kana kahayang nu meuli. Sanajan aya rasa ijid jeung geuleuh ge.  
Sacara kamanusaan ungkluk teh kudu dipikarunya. Memang tina jihat susila manehna teh goreng. Tapi boa aya keneh sisi hadena. Upamana, kitu soteh lantaran ngabelaan kolot atawa anak. Lebah dieu mung Mantenna nu uninga. Urang mah sakadar ningali ku panon lahir...*

Suling Silung